Minggu, 17 Agustus 2008

Undak Usuk Basa I

(kintunan ti : Allia)

Kang, abdi mah ah tara ngawadul kakapeungan dupi akang?
Yi tong sok ngawadul ah pamali bisi kumaonam.. ma oonam mah pan galak.... tong nurutan si akang ano osok .........?

Dupi kang rezanove parantos tuang teu acan nya, aduh allia mah lapar kang hoyong neda. Upami akang parantos tuangna sesana urang parabkeun bae ka anjing nya kang. Eta anjing ngalebok naon tah? Eh karah kuda teh nyatuan huut. Ari hayam di handapeun kembang rose macokan naon tuh?.
Jang Bapak lapar yeuh cing pangngalakeun heula jengkol, urang dahar jeung sambel suuk dicoel ku jengkol ngora geura moal teu nikmat.
Aing mah geus dahar euy, tadi. Pek we keur maneh kabeh.
Heu heu sukur atuh ari kitumah.. uing lapar pisan lantaran. Keun rek didahar kabeh ah. (tambarakannya?)
Ee aya ua geuning parantos lami wa, iraha datang ?
allia! peletrak kana sirah aya anu nyasar nyut nyut sirah karasa enyut-enyutan bakating ku nyeri. Eta ka ua sing bener nyarita teh uu (uyut) bari ti popolotot nyarios. Hik hik hik ua parantos lami, iraha sumping.... ?
Geus lila nyi ua datang the tadi jam sapuluh meureun....
Euleuh euleuh aya Neng allia geuning iraha sumping...
Ne (nini) tadi jam sapuluhan dongkap teh.. , nene kumaha damang. Heu heu kunaon ieu nene ka allia nyapa make iraha sumping nya?
Ieu nene teh sabenerna tatangga allia rencangna (pembantu) uu. Allia mandang ka nene lantaran yuswa.. nenek ngarasa allia buyut juragannana jadi ngagunakeun kecap sumping.
Tapi jawaban allia ka panyawah aki allia anu masih ngora mah.Tadi jang , kumaha cageur?
(pabaliutnya ?).
Allia iraha datang, mawa naon yeuh ? Teteh nanya ka allia.
Teu ngabantun nanaon Teh mung ieu we iteuk sabebed kanggo nakolan teteh.

Kasimpulannana, kasar heunteuna hiji ucapan teh gumantung ka saha anu disanghareupan ku urang, suasana paguneman, jeung waktuna nya. Ngabahaasakeun keur sorangan jeung anu lian aya bedana saperti bahasa anu digunakeun keur panyawah jeung keur ka juragan, keur kababaturan satingkat lainnya.. Conto lainna sapaerti uing jeung dewek . garihal pisan nya (katinggalna kasar pisan) tapi ari di pake ku sobat mah eta teh nunjukeun hiji hubungan anu kajida dalitna. Tapi lamun allia make aing jeung manehkomo sia mah ka kang rezanove aduuuh panginten peureup kang rezanoc langsung buleud heu heu heu. Terus lamun allia ka panyawah tiba-tiba jang irahasumping,,,, si ujang sok balaham belehem tuh.....Jadi wadul ari ngabahasakeun keur allia soranganamah.... kumaha nya jadina?

Allia

Inspirasipakde